Senin, 26 Oktober 2015

Gelik Sora Suling - PAPATAH TI KOLOT

PAPATAH TI KOLOT
Gelik sora suling
dipirig jentrengna sora kacapi. . .
baluas matak wa'as mulas rasa,
nganteur katineung
ngajurung panglamunan. . .
Breh. . .
Dina implengan hejo lembokna alam ku tatangkalan,
ngamparna pasawahan anu ancal~ancalan
di sisi pilemburan. . .
cur corna cai
dina solokan jeung walungan. . .
Cai anu mangrupa lambang hurip hirupna sakabeh mahluk. . .
NAHA ARI AYEUNA TEU SIGA BAHEULA.?!
Pasir katingali bulistir,
tangkal Kiara robah jadi tangkal waja. .?!
Pasawahan salin rupa jadi lahan nu garing gahgar taya
pepelakan. .?!
Solokan,
Walungan lir jadi lautan batu. . .?!
Kamana cur corna
cai. . .?!
SINGHORENG. . .!!!
Leuweung anu rembet ku tatangkalan ayeuna katenjo lowong molongpong. . .!!
Anu nyesa tingal tungul anu parentul
hiji saksi kasarakahan
lampahna jelema. . .
anu dina otakna ngan saukur kauntungan sorangan. . .
teu mikirkeun nasib
turunan. . .!!!
Ngadadak ati karasa peurih,
lir digerihan ku hinis jaman. . .
honcewang pinuh ku kamelang. . .!
.

1 komentar:

  1. ▷ Play slot machines online for free at LuckyClub
    Enjoy a free spin to win big at the LuckyClub casino with a huge selection of free slots and progressive jackpots. ➤ Enjoy great online casino luckyclub.live games,

    BalasHapus