Kujang Sunda Pilihan Bahasa: Bahasa Sunda | Bahasa Indonesia |
Klik Image Lihat Detail |
Kujang nyaéta hiji pakarang nu mandiri nu asalna ti wewengkon [Sunda]]. Kujang munggaran dijieun kira-kira abad ka-8 atawa ka-9, dijieun tina beusi, wajasarta bahan pamor, panjangna kira-kira 20 nepi ka 25 cm sarta beuratna kira-kira 300 gram. Kujang mangrupa pakakas anu ngagambarkeun seukeutna anu miboga lambang kakuatan dina kahirupan sarta wawanén pikeun ngadegkeun bebeneran. Dina jaman bihari pakakas ieu saukur dipaké ku golongan tinangtu nyaéta raja-raja, prabu anom, golongan pangiwa, panengen, golongan agamawan, putri sarta golongan wanoja nu jadi pinilihan, sarta para sepuh.
Struktur Kujang
Kujang anu sampurna mah miboga kalengkepan anu ilaharna ngawengku sababaraha bagian di antarana :
- papatuk atawa congo, nyaéta bagian congona méncos, biasana sok dipaké pikeun nyokél.
- eluk atawa siih, nyaéta eluk-eluk dina waruga kujang anu gunana pikeun mencabik-cabik awak lawan.
- waruga nyaéta awak atawa sabudeureun kujang.
- kujang panon nyaéta liang leutik anu aya dina waruga anu jumlahna rupa-rupa, ti 5 nepi ka 9 liang. Aya ogé kujang anu euweuh panonan disebutkujang buta.
- tonggong, nyaéta sisina seukeut anu perenahna aya dina tonggong kujang.
- tadah, nyaéta eluk leutik anu perenahna di belah beuteung kujang.
- paksi, nyaéta buntut kujang anu bentukna léncop.
- combong, nyaéta liang anu perenahna aya dina gagang kujang.
- ganja atawa landaian nyaéta sudut nu léncop anu mangaruhan ka belah sisi kujang.
- kowak atawa sarung kujang anu dijieunna tina kai samida anu miboga ambeu anu has tur bisa nambahan perkara goibna.
- pamor bentukna guguratan (sulangkar) atawa tutul anu aya gambaran dina luhur waruga kujang. Sulangkar atawa tutul dina waruga kujang, miboga ajén artistik pikeun neundeun racun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar